Lagu Jang - Oon BJang, hirup téh teu gampang Teu cukup ku dipikiran Bari kudu dilakonan Jang, jalan kahirupan Henteu sapanjangna datar Aya mudun jeung tanjakan   Jang, kudu sabar dina kurang Ulah nepak dada beunghar Salawasna kudu syukur Éling ka nu Maha Agung Kadé hidep bisi kufurJang, jang, cing jadi jalma soléh Jang, cing jadi jalma hadé Cing jadi jalma gedé Beunghar harta, jembar haté Jang, hidep cing ngajalma Turut paréntah agama Ulah jauh ti ulama Nyobat sareng ahli tobat Galib sareng...